SASTRA SUNDA - ADAM JEUNG HAWA
Geus Tidituna Adam Jeung Hawa Teu Sarua
Awewe jeung lalaki istuning beda,
kajeun ditempo
timamana tetep beda,
ulah ngalawan kodrat hayang sarua,
geus tidituna Adam jeung Hawa teu sarua.
Ulah ngababanding aturan Qur¢an ku rarasaan manusa,
geus tangtu kahayang setan mamanas hate manusa,
kajeun geus puguh eta aturan Nu Kawasa,
angger dicawad alatan ku ukuran akal jeung nafsu manusa.
Nu percaya Qur'an boga cecepengan,
nu teu percaya oge boga cecepengan,
hartina cekel ku anjeun boga cecepengan,
keun kuring nyepeng Qur'an nu jadi cepengan.
Lobana awewe jeung lalaki di dunya teu sarua,
eta tanda lain kajadian nu teu dihaja,
awewe di dunya estu nyata leuwih loba,
batan lalaki nu sarua hirup di alam dunya.
Lamun keukeuh hiji kudu jeung hiji jodona,
rek dikamanakeun sesana,
tanda nyata nu katempo mata kabehna,
teu kudu dipungkir da geus kitu kanyataanana.